Kalimah salancar, nyaeta kalimah anu ukur diwangun ku hiji
jejer (subyék) jeung hiji caritaan (prédikat). Kalimah salancar anu dihijikeun
atawa dikantétkeun kitu teh disebutna kalimah ngantét, Atawa bisa ogé kalimah
anu ngagunakeun kalimah penghubung. Dilitik tina wadana, kalimah ngantét téh
aya dua rupa, nyaéta kalimah ngantét satata (sadarajat) jeung kalimah ngantét
teu satata (sumélér). Ngarah leuwih jéntré, urang pedar hiji-hiji nya.
a. Kalimah ngantét satata (sadarajat)
Nilik kana eusina, kalimah ngantét satata aya tilu rupa:
1. Kalimah ngantét satata anu satujuan
Ieu kalimah ngantét téh ngagunakan kecap panyambung jeung, sarta, tuluy/terus. Contona:
1) Sawah teh lega sarta subur
2) Sanggeus ngagorowok, tuluy manehna
lumput
2. Kalimah ngantét satata anu lalawanan
Kecap panyambung anu digunakeun dina ieu kalimah, nyaeta ari jeung tapi. Contona :
1) Imah kuring dilebak, ari imah udung mah di tonggoh
2) Lanceukna bageur, tapi adina mah bangor pisan
3. Kalimah Ngantét satata anu nerangkeun
sabab-musaba
Kalimah panyambung anu digunakeunana, nyeta: da, sabab jeung lantaran.
Contona:
1) Elis mah dipikanyaah ku guruna, da bagor
2) Peplakan téh garing , sabab heunteu kahujanan
b. Kalimah ngantét teu satata (sumeler)
Yén anu dimaksud kalimah ngantét
teu satata (sumélér) téh nyaeta kalimah ngantét anu diwangun ku kalimah lulugu jeung kalimah sélér.
Kalungguhan kalimah sélér téh
pikeun ngaganti sahiji bagian anu aya dina kalimah lulugu. Bisa ngaganti jéjér,
abyek, atawa katerangan. Titénan conto séjénna di handap!
a) Kalimah sélér mangrupa jéjér
1) Disebutkeun ku jajat yén éta barang téh
meunang nginjeum
2) Mamat nyarita ka indungna yén manehna
hayang nuluykeun sakola ka STM
b) Kalimah seler mangrupa obyek
1) Bu Erni nétélakeun, buku téh kudu
dibaca
2) Kolotna meh saban waktu mepelingan yen
hirup téh kudu basajan
c) Kalimah seler mangrupa katerangan
1) Basa indungna maot, manehna
ngarumpuyuk kapiuhan
2) Sabot uhen balangah, sapatuna
disumputkeun kubabaturanana
Tidak ada komentar:
Posting Komentar